Tina carita pajajaran kamari, kamana kisah2 mistis yg amazing?
Siliwangi tilem, ngaleungit, jadi maung, kerajaan pindah ka alam gaib, dll?
Kerajaan teu pindah ka alam gaib, barina ge kumaha carana? Nu puguh mah ancur, pembungi-hangusan, kabeh simbol kenegaraan dihilangkan ngarah teu muncul deui raja anyar. Soalna ari rakyat Sunda mah karakterna satia, loyal, hese move on... pasti bakal ngadeg deui mun disesakeun
Siga kamari nu dicaritakeun, raja setelah Surawisesa mah nya kitu tea, tapi angger rakyatna satia. Kurang leuwih siga ayeuna, Persib elehan ge angger weh dilalajoanan. Jadi gen loyal ngabobotohan emang geus aya tibaheula. Urang geus teu kudu diajar deui ka batur perkara ieu.
Karakter urang beda jeung bangsa lain. Di batur mah berkali2 pergantian kekuasaan/kerajaan, rakyatna langsung mengabdi ka kerajaan anyar. Eta emang logis. Di urang mah terlalu maen perasaan.
Jadi walaupun Banten, Cirebon lebih kuat.. atau Sumedang Larang dianggap suksesi. Dan nu pasti secara garis masih keneh duduluran jeung 3an eta. Tapi angger teu bisa ditarima ku kabeh rakyat. Hoream kudu ngabela salain Persib mah pan? najan sakota oge.
Balik deui ka Pakuan. Geus diancurkeun taun 1579 kaayaan kosong teu berpenghuni, keur mah kari tunggulna, katutupan eurih, tong poho oge bahwa di tahun 1600-1700an aya gempa gede+gunung meletus oge sekitar pakuan. Beuki weh katimbun.
Rakyat daripada pindah ka Banten, Cirebon, Sumedang.. lolobana milih ngasingkeun diri, nyieun kawih, pantun, babad2 mengenang kejayaan masa lalu. Urang emang bangsa yg melankolis 😂
Siliwang tilem. Ieu miskonsepsi. Sunda di jaman eta aya nu wiwitan, loba oge nu Hindu. Ketika konsep ngahiang, moksa dicaritakeun ku urang Hindu tuluy ditarima ku urang2 nu lain Hindu dan teu apal konsep Hindu.. akhirna diartikeun sebagai tilem anu ngaleungit
dalam konsep Hindu NgaHyang artina kembali ke Hyang atau menyatu bersama Hyang.
ngahyang atau Moksa, nyaeta tingkat spiritual tertinggi dan jadi harapan terbesar mereka. Dimana ngaleupaskeun hal duniawi utk menyatu bersama Hyang.
Ieu umum dilakukeun raja2 Sunda, lain Siliwangi wae. Ketika merasa geus cukup ngudag dunya, turun tahta, beliau2 meninggalkan kerajaan, jauh ti keramaian utk mencapai kesempurnaan. Bisa ka leuweung, nya kamana weh nu bisa khusyu.
Matak nyebutnya rek Moksha. Ketika kabar ieu ditarima ku urang nu teu ngarti konsep eta plus suka banget heboh langsung berucap "wow, sakti bisa ngaleungit"
Konsep moksha setelah kematian oge berarti atman (roh) tetap hidup dan abadi menyatu bersama Hyang.
Ieu ge diartikeun ku nu teu ngarti "ooh berarti Siliwangi nepi ayeuna can maot" 😑
eta matak urang kudu apal sahenteuna saeutik mah, konsep nu diyakini ku batur. Karena rereana masalah muncul ti salah paham, pedah teu apal standar keyakinan mereka.
Terus jadi maung kumaha? ditinjau ti sejarah jeung agama mana wae ge ieu teu asup. Kalo sekedar simbol sih ok ok wae, tapi mun geus diyakini kabeneranna, kudu dikaji deui. Dikaji secara Islam jelas hal ieu ngga banget, jadi siluman maksudna? pelecehan ka nenek moyang.
dikaji secara wiwitan, saya can ngadangu konsep kematian atau bahkan leungit jadi maung. Tentang konsep buana nyungcung, buana tengah, buana larang juga konsep lainna, saya can manggihan perihal mamaungan.
dikaji secara Hindu, aya. Ieu nu ngarana samsara atau siklus dimana roh nu can menyatu jeung hyang, balik deui dalam bentuk jasad nu lain. Bisa jadi jelma, sato, tangkal, dll. Bentuk manusa adalah yg paling tinggi. Kembali ke bentuk naon kumaha amal2an di jasad sebelumna.
Jadi mun balik deui dalam bentuk sato, geus pasti goreng kalakuan di kahirupan saacanna. Abdi yakin orang Hindu nu sangat menghormati Siliwangi moal mungkin nyebat Prabu Siliwangi jadi maung.
Jadi ceuk saha Siliwangi jadi maung? moal jauh, ieu pasti datangna ti nu sok ngagerem "aing mauuung"
Siliwangi akhir hayatna moksha, menyepi. Kemudian ngantunkeun, dikubur. Ieu ge hal nu lumrah, aya nu dikubur, aya nu dikremasi. Biasana mun dikubur, utk orang2 tertentu posisina dibiarkan tetep sila saat semedi. Mudah2an aya nu Hindu didieu ngajelaskeun.
Setelah 12 taun, jasadna kemudian dikremasi. Abuna di awurkeun di rancamaya jeung dibagikeun ka kerajaan bawahan. Ayeuna rancamaya geus jadi real estate, hayang asup kadinya ge kudu ijin satpam komplek 😑
Upacara kremasi eta dipilih waktuna pas upacara shradda (peringatan kematian). Shradda ieu saya can manggihan di konsep wiwitan, bahkan hindu bali ge mun teu salah geus teu make istilah ieu. Hindu India masih.
Share this Scrolly Tale with your friends.
A Scrolly Tale is a new way to read Twitter threads with a more visually immersive experience.
Discover more beautiful Scrolly Tales like this.
